DIRGAHAYU REPUBLIK INDONESIA KE 72

Agustus 14, 2017
0
ELMU PANGAWERUH



Elmu nyaéta kumpulan pangaweruh pikeun ngajawab pasualan Teu sakabéh
élmu pangaweruh bisa disebut élmu, sabab élmu mangrupa pangaweruh anu
cara meunangkeunna téh kudu nyumponan sarat-sarat kalawan ngagunakeun metode ilmiah. Élmu mimitina tina pangalaman manusa jeung rengse dina wates pangalaman manusa. Dina masarakat sunda, aya anu istilah Pamali,Uga, Cacandran, jeung Kila-kila pikeun sawatara élmu pangaweruh masarahat sunda jaman harita.
 
Pamali, mangrupa istilah Basa Sunda pikeun ngagambarkeun norma tradisi lokal.
Upama norma éta teu dilaksanakeun, mangka bakal aya balukarna. Dina tradisi filsafat positif, pamali téh disawang Élmu nyaéta sakumna usaha sadar pikeun nalungtik, manggihan sarta ngaronjatkeun pamahaman manusa ti sagala rupa sisi kanyataan dina alam manusa. Sisi-sisi ieu diwatesan ambéh dihasilkeun rumus
 
Contona :   Kapamalian : Ulah nambulan uyah.
1. Alesan karuhun : Bisi potong peujit
Tafsir logis : kecap potong peujit bisa jadi mangrupa simbol tina gering atawa nepi ka maotna. Ceuk logika lamun urang loba dahar uyah tangtu tekanan darah bakal leuwih luhur. Atawa sok disebut darah tinggi. Panyakit darah tinggi bisa ngabulukarkeun stroke jeung panyakit jantung.

2. Kapamaliann : ulah cicing dina lawang panto
Alesan karuhun : bisi hese menang jodo.
Tafsir logis : dina kecap bisi hese,mangrupa simbol tina  teu bisa
Ceuk logika, lamun urang cicing dina lawang panto tangtu ngahalangan batur nu ek laliwat.

3. Kapamalian : ulah make baju bari leumpang
Alesan karuhun : bisi teu kalaksanakeun cita-cita.
Tafsir logis : dina kecap teu kalaksanakeun cita-cita teh, dimana bisi urang ngagaduhan kahoyong anu ageung tapi teu kalaksanakeun.
Ceuk logika, lamun urang dibaju bari leumpang nu aya bisi titajong atawa bisi labuh.

4.  Kapamalian : ulah sapake jeung kolot
Alesan kolot : bisi hapa hui
Tafsir logis : dina kecap hapa hui mangrupa simbol bisi gancang kolot. Ceuk logika, lamun urang sapake jeung kolot tangtu urang teh teu ngagaduhan mahkota di diri awak urang sorangan. 
 
Uga hartosna, waktu jeung parobahannana, babakuna parobahan kaayaan nagara/bangsa sacara husus.

     1. Jaga mah , barudak, sajajalana disaungan, nya buktina aya kareta api

      2. Gancang carita beja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram

     3. Jaga mah, barudak, batu turun keusik naek, nya buktina aya anak somah naek pangkat, anak menak teu naek pangkat
4.       Jaga mah, barudak nganteuran ka nu digawe ge mawa kejo dina iteuk, nandakeun angger gawe nya buktina aya nu dagang di pagawean
 
Kila-kila

Kila-kila nyaeta totonden atawa tanda alam kana naon-naon anu bakal kajadian. Kahirupan sapopoe kolot atawa karuhun urang jaman baheula mah leuwih dalit jeung alam. 

Conto Kila-kilana

1. Tanda aya nu sono ka urang
     Kila-kilana : Bulu mata murag, aya kembang   kuku dina kuku

2. Tanda aya nu ngomongkeun
    Kila-kilana : Ngarasa panas ceuli

3. Tanda aya bangsat keur kukulamprengan neangan palingeun
    Kila-kilana : Sok aya manuk bebence disada

4. Tanda rek manggih kasedih
    Kila-kila : Kekenudan panon beulah kenca

Cacandran 

hartosna, caritaan karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagara/bangsa anu bakal
kasorang sacara maluruh

      1.Cianjur katalanjuran

      2. Sumedang ngrangrangan

      3. Ciamis amis ku maneh

      4. Galunggung ngadeg tumenggung

      5.Sukapura ngadaun ngora

      6. Bandung heurin ku tangtung

Uga 

hartosna, waktu jeung parobahannana, babakuna parobahan kaayaan nagara/bangsa sacara husus.

      1. Jaga mah , barudak, sajajalana disaungan, nya buktina aya kareta api

      2. Gancang carita beja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram

      3. Jaga mah, barudak, batu turun keusik naek, nya buktina aya anak somah naek pangkat, anak menak teu naek pangkat

      4. Jaga mah, barudak nganteuran ka nu digawe ge mawa kejo dina iteuk, nandakeun angger gawe nya buktina aya nu dagang di pagawean


Élmu Alam ngan bisa jadi pasti sanggeus widangna diwatesan kana hal anu materil
waé atawa élmu psikologi ngan bisa norah laku-lampah manusa lamun ngawatesan
wengkuan tetempoanana kana Kecap élmu sorangan mangrupakeun kecap serepan
tina basa Arab "ilm". Anu hartina surti, ngarti, atawa nyaho. Élmu pangaweruh bisa boga
harti surti kana hiji pangaweruh, sarta élmu sosial bisa boga harti nyaho masalah-masalah
sosial.

0 komentar:

Posting Komentar